Kamis, 29 Maret 2012

Diajar Basa Sunda

Babasan jeung Paribasa

Babasan : ucapan matok nu dipake dina harti injeuman. Paribasa : ucapan matok, saeutik patri, nu mangrupa silokaning hirup (pituah, piluangeun jsb.).

Babasan

Abang-abang lambé. Beureum biwirna wungkul, ukur keur ngageunahkeun haté nu séjén.
Abong biwir teu diwengku, abong létah teu tulangan. Ngomong sakarep-karep, teu jeung wiwaha.
Adil palamarta. Adil pisan, lantaran nyekel bebeneran nu sajati.
Agul ku payung butut. Jalma teu aya kaboga, tapi mindeng nyaritakeun yén manéhna turunan ménak baheula.
Ajak jawa. Tawar gatra, ngajak teu jeung haté.
Aku-aku angga. Ngaku barang batur, majar anuna.
Along-along bagja. Teu tulus meunang bagja.
Ambekna sakulit bawang. Babari ambek.
Amis daging. Mun raheut sok jadi radang (cara nu boga kasakit gula)
Anak tilu keur kumusut. Upama geus boga anak tilu, awéwé nu teu bisa ngurus awak katénjona sok karusut.
Anggeus-anggeusan. Bébéakan.
Asa bucat bisul. Ngarasa lugina sanggeus ngaréngsékeun pagawéan anu beurat, atawa sanggeus lésot tina masalah.
Asa dijual payu. Cuang-cieung ditinggalkeun di panyabaan ku nu ngajak ka dinya.
Asa dina pangimpian. Rarasaan keur ngimpi bawaning ku hélok, padahal keur nyaring.
Asa dipupuk birus. Ngarasa tibra haté.
Asa ditonjok congcot. Kacida atohna lantaran dibéré barang anu kacida dipikahayangna.
Asa kagunturan madu, kaurugan menyan putih. Kacida bungahna jeung ngarasa bagja.
Asa katumbu umur. Ngarasa atoh ditulungan dina keur aya kasusah.
Asa nyanghulu ka jarian. Teu ngeunah rasa lantaran kudu ngadunungan ka jalma sahandapeun pangartina atawa harkat darajatna.
Asa peunggas rancatan. Leungiteun batur nu sok nalang dina pagawéan.
Asa pingges leungeun katuhu. Rarasaan upama ditinggalkeun ku jelema nu pohara nalangna ka urang dina pagawéan sapopoé.
Asa rawing daun ceuli. Mindeng ngadéngé omongan anu teu ngeunah.
Atah adol. Kurang ajar.
Atah anjang. Arang nganjang.
Atah warah. Kurang pangawarah, teu bageur, teu eucreug.
Ateul biwir. Salawasna kareyeng hayang baé ngedalkeun, sanajan anu teu perlu.
Atung énéh atung énéh. Kitu-kitu kénéh.
Awak kawas badawang. Jangkung gedé teu matut.
Awéwé mah dulang tinandé. Awéwé mah biasana kumaha kahayang lalaki.
Awéwé mah tara cari ka Batawi. Awéwé mah tara kudu usaha ka nu jauh, cukup ngawulaan salaki.
Aya astana sajeungkal. Datangna ajal teu gumantung kana umur panjang.
Aya bagja teu daulat. Rék meunang bagja teu tulus.
Aya buntutna. Aya terusna (tina perkara) nu nguciwakeun.
Aya cukang komo meuntas. Eukeur mah aya maksud ari hég aya alesan, atuh ngeunaheun.
Aya di sihung maung. Loba hubungan jeung gegedén.
Aya gantar kakaitan. Aya hal nu teu sapuk jeung haténa tapi teu dikedalkeun, henteu ihlas pisan.
Aya jalan komo meuntas. Kabeneran manggih jalan atawa aya kasempetan anu hadé pikeun ngajalankeun maksud.
Aya jodo pakokolot. Bisa ngajodo sanggeus pada kolot duanana.
Aya nu dianjing cai. Aya nu dihéroan.
Aya pikir kadua leutik. Aya kahayang anu teu dikedalkeun, anu disidem kénéh ngan biasana sok geus kataksir ku batur.
Aya pikir kapingburi. Aya kahayang anu teu dikedalkeun, anu disidem kénéh ngan biasana sok geus kataksir ku batur.
Ayak-ayak béas, nu badag moncor, nu lembut nyangsang. Nuduhkeun kaayaan nu henteu sawajarna, upamana nu kahukum téh nu teu pira kasalahanana.
Babalik pikir. Robah lampah jadi hadé.
Babanténg jurit. Pamanggul jurit.
Balég tampélé. Mimiti begér (lanjang) tapi éra mun diténjo ku lalaki.
Balik ngaran. Maot di panyabaan atawa di pangperangan.
Balungbang timur jalan gedé sasapuan. Ihlas, beresih haté.
Bangbang koléntang. Sagala euweuh, teu boga duit pisan.
Banting tulang. Digawé popohoan.
Batok kohok piring semplék. Paparabotan nu taya hargana.
Batur ngalér ieu ngidul. Lain-lainna deui jeung nu diomongkeun ku batur.
Bau-bau sinduk. Baraya kénéh sanajan laér.
Béak déngkak. Geus béak tarékah.
Béak ka lebu-lebuna. Ledis, teu nyésa saeutik-eutik acan (harta banda).
Bedah bendungan. Kalah wowotan ku gogoda nu pohara.
Béngkok tikoro. Teu kabagéan kadaharan istiméwa, lantaran teu datang atawa geus béakeun mantén.
Beulah hoéan. Siga hoé dibeulah, tonggong munding nu lintuh pisan.
Beunghar méméh boga. Jeneng méméh pangkat; loba kahayang nu teu saimbang jeung dirina.
Beurat birit. Hésé ditutah-titah, kedul.
Beurat nyuhun beurat nanggung. Kacida tumarimana, nuhun pisan.
Beuteung mutiktrik berekat meunang. Dahar seubeuh di nu hajat, ari balik mawa berekat.
Beuteung si éta mah ruas bungbas. Tara aya kaseubeuhan.
Bisa ka bula ka balé. Bisa gawé kasar jeung gawé lemes.
Bisi aya ti cai geusan mandi. Bisi aya nu kasigeung atawa katoél mamarasna.
Biwir nyiru rombéngeun. Sagala dicaritakeun, sanajan nu teu perlu kadéngé ku batur.
Bobo sapanon carang sapakan. Teu puguh undak-usukna, teu bérés éntép seureuhna, teu sampurna, aya kakuranganana.
Bodo aléwoh. Bodo tapi daék tatanya.
Bodo katotoloyoh. Tara daék tatanya, tara daék nurut kana naséhat batur.
Boga pikir rangkepan. Henteu bolostrong, henteu ujug-ujug percaya kana omongan batur anu manis.
Boga sawah saicak. Boga sawah saeutik.
Bojo dénok sawah ledok. Hirup senang lantaran boga pamajikan tegep, banda cukup.
Bongkok méongeun. Semu bengkung ka tukang palebah cangkéng (awéwé).
Borangan ku surak. Éraan dina gempungan jalma réa.
Bosongot badé amprotan. Pikagimireun, pasemon jagoan.
Bru di juru, bro di panto. Barang teundeun teu puguh tempatna, barangna loba.
Buburuh nyatu diupah béas. Diajar bari meunang tunjangan, meunang dua rupa kauntungan.
Budak bau jaringao kénéh. Budak olol lého, budak can aya kanyaho.
Budak olol lého kénéh. Pamoyok ka jalma ngora nu tacan boga pangalaman dina pagawéan.
Bulan alaeun. Bulan nu kasalapan nu kakandungan, téréh ngajuru.
Bulu taneuh. Tukang tani.
Buncir leuit loba duit. Beunghar.
Buntut kasiran. Korét, medit.
Bur beureum bur hideung, hurung nangtung siang leumpang. Hirup senang taya kakurang, salilana ginding.
Buruk-buruk papan jati. Sanajan ngéwa atawa ambek ka dulur atawa baraya nu landes, ari manéhna meunang karerepet mah teu weléh hayang nulungan jeung ngahampura kana kasalahanana, henteu téga ngantep.
Burung palung dulur sorangan. Sanajan ngéwa atawa ambek ka dulur atawa baraya nu landes,ari manéhna meunang karerepet mah teu weléh hayang nulungan jeung ngahampura kana kasalahanana, henteu téga ngantep.
Buta hurup. Teu bisa maca jeung nulis, teu apal aksara.
Buta térong. Pamoyok ka jelema nu goréng patut, turug-turug sagala beuki.
Caang bulan opat belas, jalan gedé sasapuan. Rido pisan.
Caang padang narawangan. Panganteb kana caang pikir.
Cacah rucah atah warah. Somah nu dianggap taya ajénna sarta bodo.
Campaka jadi di reuma. Nu geulis urang lembur atawa kampung lain pipanteseunana aya di pasisian.
Capé gawé teu kapaké. Hanas ceuk rarasaan mah digawé soson-soson, ari hég dianggap salah ku dunungan atawa hasilna mubadir.
Caringcing pageuh kancing. Taki-taki mageuhan tulak bisi aya bancang pakéweuh.
Ceuli léntaheun. Sadéngé-déngéna, sanajan lain déngékeunana.
Cicing-cicing ngabudi ucing. Nyolong badé.
Ciduh jeung reuhak. Sarua goréngna atawa goréng adatna.
Ciri sabumi cara sadésa. Adat kabiasaan di unggal nagara atawa daérah béda-béda.
Clik putih clak hérang. Rido ihlas kaluar tina haté nu beresih.
Cukang tara néangan nu ngising. Nu hayang ditulungan sapantesna datang ka nu rék dipéntaan tulungna.
Cunduk waktu datang mangsa. Geus nepi kana waktuna.
Dagang pindang ka Cirebon. Dagang barang ka tempat nyieunna, jadi moal laku.
Dah bawang dah kapas. Jual beuli kontan.
Dahar kawas meri. Uprat-aprét jeung ngaréméh.
Daharna sakésér daun. Daharna mindeng pisan, babari lapar deui.
Deukeut deuleu pondok léngkah. Kurang pamandangan jeung teu bébas indit-inditan (awéwé baheula umumna).
Deukeut-deukeut anak taleus. Sakitu padeukeut, teu nyaho aya kajadian penting di salahsaurang antara manéhna.
Di bawah tangan. Teu maké saksi ti pihak resmi.
Dibéjérbéaskeun. Diécéskeun, dijéntrékeun.
Dibeuleum seuseur. Diburu-buru sina anggeus.
Dibeuweung diutahkeun. Dipikir bulak-balik.
Didagoan ku sééng nyéngsréng. Dipikabutuh ayeuna pisan.
Didago-dago tilewu. Hanas didagoan, ari pék teu datang.
Dihin pinasti anyar pinanggih. Sagala nu kaalaman ayeuna saéstuna geus ditangtukeun ti heula ku Pangéran.
Dihurunsuluhkeun, dikompétdaunkeun. Disamarutkeun jeung nu boga dosa.
Dijieun lalab rumbah. Dimomorékeun, teu diajénan, dianggap teu sabaraha.
Dikepung wakul buaya mangap. Dikepung ku musuh nu samakta pakarangna.
Dipisudi méré budi. Dipikarep kalah ngambek.
Disiksik dikunyit-kunyit, dicacag diwalang-walang. Dihukum beurat pisan, dihukum pati.
Disuhun dina embun-embunan. Ditarimakeun pisan.
Ditegalambakeun. Dilurkeun, teu diurus, kebon jsb.
Dug hulu pet nyawa. Digawé beurat pisan.
Éléh déét. Sanajan teu sapuk jeung haté kapaksa nyaluyuan kahayang batur, lantaran karunya.
Élmu ajug. Élmu nu teu dipaké ku sorangan, ngan ukur dipaké mapatahan batur.
Élmu sapi. Guyub dina hal nu kurang hadé.
Élmu tungtut dunya siar, sukan-sukan sakadarna. Hirup kudu nungtut nyiar élmu pikeun kasalametan dunya ahérat sarta kudu siger tengah.
Embung kakalangkangan. Embung kaéléhkeun.
Éncér uteuk. Calakan, pinter.
Euweuh nu ngaharu biru. Euweuh nu maliré atawa euweuh nu ngaganggu.
Euweuh nu sahulueun. Euweuh nu eucreug.
Galak sinongnong. Mimiti aya sir ka awéwé, can wani adu hareupan.
Galégéh gado. Soméah, akuan, saréséh.
Gancang pincang. Pagawéan atawa kalakuan nu gancang anggeus, tapi hasilna teu hadé.
Gedé hulu. Adigung.
Gemah ripah loh jinawi. Gegek cacah jiwana sarta raharja.
Genténg-genténg ulah potong. Sanajan hasilna teu sabaraha, keun baé tinimbang luput.
Getas harupateun. Babari ambek, teu sabaran.
Geura mageuhan cangcut tali wanda. Geura saged pikeun bajoang.
Geus apal luar jerona. Geus nyaho kana kalakuan jeung tabéatna.
Geus aya kembang-kembangna. Geus aya hal-hal nu nimbulkeun harepan kana hasil maksud.
Geus bijil bulu mayang. Geus balég, mimiti begér.
Geus cueut ka hareup. Geus kolot, geus liwat tengah tuwuh.
Geus karasa pait-peuheurna. Geus kaalaman sagala rupa nu teu ngeunahna.
Geus labuh bandéra. Geus diputus perkara.
Geus nyanghulu ngalér. Geus maot.
Geus turun amis cau. Geus tembong kawanitaanana, mangkat begér.
Gindi pikir belang bayah. Goréng haté.
Ginding bangbara. Resep gigindingan jeung royal ngarah katénjo ku batur, tapi ari di imah kékéréhét.
Ginding kekempis. Ginding tapi teu boga duit.
Goréng peujit. Goréng haté, dengki.
Gulak-giluk kari tuur, hérang-hérang kari mata, teuas-teuas kari bincurang. Asal beunghar jadi miskin.
Gunung tanpa tutugan, sagara tanpa tepi. Taya wates wangenna.
Gurat batu. Kukuh.
Gurat cai. Teu puguh jangjina.
Hadé gogog hadé tagog. Hadé basa hadé tata.
Hambur bacot murah congcot. Babari nyarékan tapi béréhan.
Hampang birit. Daékan.
Hampang leungeun. Resep teuteunggeul.
Handap asor. Daék ngahormat ka batur.
Handap lanyap. Hormat tapi matak nyentug kana haté.
Hapa héman. Taya panarima, taya pamales budi ka nu geus nyieun kahadéan.
Hapa hui. Teu jamuga.
Haréwos bojong. Omongan anu diharéwoskeun, tapi kadéngé ku nu deukeut ka nu diharéwoskeun.
Harigu manukeun. Dada jelema nu nonjol ka hareup.
Haripeut ku teuteureuyeun. Totoroso pisan kana urusan pirejekieun.
Haseum budi. Leuwih mindeng baeud jeung camberut tibatan seuri.
Haseum kawas cuka bibit. Kuraweud haseum, teu méré budi.
Hawara biwir. Resep ngabéjakeun perkara anu tacan tangtu bakal dilaksanakeun atawa hal anu lila kénéh kana waktu dilaksanakeunana.
Hayang leuwih jadi léwéh. Hayang untung kalah rugi.
Hayang untung jadi buntung. Tinimbang untung kalah rugi.
Hayang utah iga. Ngarasa kacida sebelna.
Héjo cokor badag sambel. Dusun pisan.
Héjo tihang. Resep pipindahan, gunta-ganti pagawéan.
Henteu cai hérang-hérang acan. Teu disuguhan naon-naon, teu cai-cai acan.
Henteu unggut kalinduan, henteu gedag kaanginan. Pageuh nyekel tangtungan sorangan, henteu kapangaruhan ku ruruba jsb.
Hérang caina beunang laukna. Hasil maksud ku jalan badami henteu ku paksa-pirusa.
Heunceut ucingeun. Babari reuneuh.
Heuras genggerong. Teu bisa ngagenahkeun haté batur ku omongan.
Heureut pakeun. Teu réa kaboga, saeutik panghasilan.
Heurin ku létah. Teu bisa nyaritakeun perkara atawa kasalahan batur, lantaran bisi aya matakna ka ditu ka dieu.
Hideung bangbara. Hideung meles sarta hérang (buuk).
Hideung ogé buah manggu, matak tigurawil bajing. Sanajan luarna teu matak pikabitaeun, eusina mah matak deudeuieun.
Hirup ku ibun, gedé ku poé. Hirup balangsak, euweuh nu ngurus.
Hirup ku panyukup, gedé ku paméré. Euweuh gadag, teu daék atawa teu bisa usaha sorangan (ngedul atawa tanpadaksa).
Hirup teu neut, paéh teu hos. Terus-terusan gering ripuh, tapi teu maot.
Huap hiji diduakeun. Ngirit-ngirit sagala kaperluan sapopoé, supaya bisa nyumponan kaperluan anak atawa saha baé anu perlu dibélaan.
Hujan cipanon. Loba nu ceurik.
Hulu peutieun. Sirah nu leutik teuing dibandingkeun jeung awakna.
Hurip gusti waras abdi. Jaman féodal, raja senang sarta mulya, rayat cageur.
Hurung nangtung siang leumpang. Beunghar sarta dipaké ngaginding.
Hutang salaput hulu. Loba pisan hutang, nepi ka samar kabayar.
Hutang uyah bayar uyah, hutang nyeri bayar nyeri, hutang pati, bayar pati. Amal perbuatan sok aya wawalesna, males kanyeri ku tindakan anu sarua.
Hutang uyah bayar uyah. Males kanyeri atawa kajahatan ku hukuman anu sarua atawa saimbang.
Hutang-hatong. Satengah heureuy, nyapirakeun kana hutang, daék bayar, henteu entong.
Ilang-along margahina. Katunaan, kakurangan.
Indung hukum bapa darigama. Papagon aturan agama jeung nagara.
Indung suku gé moal dibéjaan. Niat pageuh nyekel rasiah, baraya nu landes gé moal dibéré nyaho.
Indung tunggul rahayu. Kasalametan atawa kabagjaan anak gumantung kana karidoan jeung doa indung.
Inggis batan maut hinis. Kacida inggisna atawa paurna.
Ipis biwir. Épés méér, babari ceurik.
Ipis wiwirang. Kandel kulit beungeut, kurang kaéra.
Jadi cikal bugang. Pangheulana kasambut di pangperangan.
Jadi kembang carita. Jadi bahan carita nu narik perhatian dina riungan-riungan.
Jadi kulit jadi daging. Jadi kabiasaan nu hésé dipiceunna.
Jadi sabiwir hiji. Jadi pamujian saréréa, pada ngalem.
Jalma saliwat. Jalma teu wawuh.
Jaman bedil sundut. Jaman baheula.
Jaman cacing dua saduit. Jaman baheula pisan.
Jaman tai kotok dilebuan. Jaman buhun, baheula.
Jauh ka bedug. Dusun.
Jauh tanah ka langit. Kacida pisan bédana.
Jauh-jauh panjang gagang. Hanas jauh-jauh ogé dijugjug ari pék teu hasil nu dimaksud.
Jégjég cékér. Capé balas leumpang ka ditu ka dieu.
Jelema balung tunggal. Jelema bedas pisan.
Jelema pasésaan. Jelema nu kungsi gélo.
Jelema sok keuna ku owah gingsir. Umumna jelema sok robah tangtunganana, tara kuat nahan gogoda.
Jelema teu balég. Jelema teu bageur.
Jéngkol aya usumna. Pikeun nyindiran nu loba ékol.
Jiga tunggul kahuru. Goréng patut.
Jongjon bontos. Junun kana gawé, tara kabéngbat.
Jual dedet. Ngajual barang satengah maksa.
Jumorojog tanpa larapan. Datang bari henteu ngiberan heula.
Ka balé nyungcung. Kawin, ngadon dirapalan di kaum.
Ka cai diangir mandi, batu lémpar panuusan. Lemah cai, bali geusan ngajadi.
Kabawa ku sakaba-kaba. Kabawakeun teu puguh ku batur.
Kacanir bangban. Kawirangan, meunang kaéra.
Kacekel bagal buntutna. Katéwak luluguna.
Kaceluk ka awun-awun. Ka wentar ka mana-mana.
Kaduhung tara ti heula. Ngarasa hanjakal mah geus tangtu moal saméméh migawé kasalahan.
Kahieuman bangkong. Siga beunghar lantaran katitipan banda batur.
Kajejek ku hakan. Hasil usaha béak ku kaperluan dahareun wungkul.
Kajeun paéh jadi siit. Awéwé nu teu niat boga salaki, mun lain ka panyileukanana.
Kakeueum ku cai togé. Éléh pisan ku pamajikan nepi ka dipangnyéléwérkeun gé cicing baé.
Kalah ka ngahuntu. Ngan bisa nyarita atawa pidato wungkul.
Kalapa bijil ti cungap. Muka rasiah sorangan kalawan teu dihaja.
Kapiheulaan ngaluluh taneuh. Hudang kabeurangan.
Katempuhan buntut maung. Katempuhan kasusah atawa urusan batur.
Katindih ku kari-kari. Kasangka atawa katuduh pédah aya patalina jeung kajadian nu jadi perkara.
Kawas nu meunang lotré. Meunang rejeki gedé nu henteu disangka-sangka.
Kawas aki-aki tujuh Mulud. Kawas nu geus kolot pisan, padahal ngora kénéh.
Kawas anjing kadempét lincar. Keukeuleuweuhan teu puguh.
Kawas anjing tutung buntut. Ijigimbrang teu daék cicing boh lantaran atoh boh lantaran susah.
Kawas anu teu dibedong. Kaluar-asup tara meundeutkeun panto.
Kawas aul. Sok ciciduh.
Kawas bayah kuda. Belél pisan, upamana samping.
Kawas beubeulahan térong. Sakarupa pisan, siga nu kembar.
Kawas beusi atah beuleum. Geuneuk rupana, kacida ambekna.
Kawas birit sééng. Hideung lestreng.
Kawas bodor réog. Jelema nu tingkah lakuna pikaseurieun.
Kawas bueuk beunang mabuk. Ngeluk jeung teu wani ngomong, lantaran rumasa boga dosa.
Kawas bujur aseupan. Diuk teu daék cicing.
Kawas careuh bulan. Diwedak kandel teuing.
Kawas cucurut kaibunan. Goréng patut sarta pikarunyaeun.
Kawas dodol bulukan. Beungeut hideung diwedakan teu rata.
Kawas dongéng si Boséték. Gunta-ganti aturan, tapi tetep taya kamajuan.
Kawas durukan huut. Pibahayaeun nu teu kaciri, tapi beuki lila beuki gedé.
Kawas gaang katincak. Répéh sapada harita, ngadadak jempling lantaran reuwas atawa embung kadéngé ku nu anyar datang.
Kawas hayam panyambungan. Talamba-tolombo dina riungan lantaran euweuh nu wawuh.
Kawas heulang pateuh jangjang. Méh teu bisa walakaya, lantaran teu boga nu bisa diandelkeun.
Kawas himi-himi. Méh salilana babarengan duaan tara daék papisah.
Kawas jaksi sajantung. Rupa bitis nu alus.
Kawas jelér kasaatan. Teu daék cicing.
Kawas jogjog mondok. Cékcok-récok, gandéng ku nu bareng ngaromong pabedas-bedas.
Kawas ka budak rodék hulu. Ngahina kawas ka jelema nu bodo atawa ka budak nu bolon kénéh.
Kawas kacang ninggang kajang. Norostos capétang.
Kawas kedok bakal. Goréng patut pisan.
Kawas kuuk. Ngedeng morongkol.
Kawas langit jeung bumi. Pohara bédana.
Kawas lauk asup kana bubu. Hésé kaluar deui dina salah sahiji lingkungan atawa organisasi lantaran katalian ku jangji atawa ku aturan.
Kawas leungeun nu palid. Ngopépang, sagala dicabak.
Kawas mata peda. Disebutkeun ka nu néangan barang teu kapangggih, padahal negrak; molotot tapi teu awas.
Kawas maung meunang. Biwirna beureum lamokot ku luah.
Kawas nu dipupul bayu. Taya tangan pangawasa.
Kawas nu kékéd. Teu bisa barang bawa.
Kawas pérah bedog rautaneun. Goréng patut.
Kawas Rama jeung Sinta. Nurub cupu nu kasép jeung nu geulis.
Kawas tatah. Teu hideng sorangan, kudu dititah baé.
Kawas tikukur. Nyebut ngaran sorangan ka nu anyar pinanggih.
Kawas toéd. Beuki ngomong atawa célémbéng (budak).
Kawas ucing kumareumbing. Sagala dicabak atawa dicekel kawas ucing keur kumincir.
Kembang carita. Jadi bahan carita nu narik perhatian dina riungan-riungan.
Keuna ku ‘aén. Meunang cocoba lantaran loba teuing nu muji, sarta tara nyebut “alhamdulillah”.
Keur béntang surem. Keur apes.
Keur meujeuhna bilatung dulang. Keur meujeuhna parabaneun (barudak).
Kokod monongeun. Teu daékeun asak bener, lantaran mindeng dicabakan teuing.
Kokolot begog. Nyanyahoanan kawas nu geus kolot, nyeta-nyeta kawas nu geus kolot.
Kokoro manggih Mulud, puasa manggih lebaran. Kokomoan dina waktu aya rejeki.
Kokoro nyenang. Nu kakara boga atawa maké atawa ngalarapkeun barang, lain dina perenahna.
Kokoro nyoso malarat rosa, lebaran teu meuncit hayam. Kacida malaratna.
Kolot dina beuheung munding. Kolot tapi teu loba kanyaho.
Kujang dua pangadékna. Usaha anu ngadatangkeun dua rupa kauntungan.
Kukuh ciburuy. Teu beunang dionggét-onggét, teu daék nurut ka paham batur nu leuwih bener.
Kumaha ceuk nu dibendo baé. Kumaha ceuk nu mingpin di luhur baé.
Kumaha kecebur caina, geletuk batuna baé. Kumaha béhna, kumaha engké baé.
Kumaha raména pasar. Ula-ilu, kumaha guyubna batur (balaréa).
Kumis bangbara ngaliang. Kumis nu nyeseg kana liang irung.
Kur’an butut. Turunan ménak, geus kolot, euweuh kaboga, tapi masih kénéh guménak.
Kuru cileuh kentél peujit. Ngurangan saré jeung dahar, lantaran aya nu dimaksud.
Kurung batok. Teu daék lunta ti lembur, jadi teu boga kanyaho.
Laér gado. Sok kabitaan ku kadaharan nu aya di batur.
Lain lantung tambuh laku, lain léntang tanpa béja. Lain indit-inditan teu puguh nu dimaksud, tapi aya picaritaeun nu penting.
Lain palid ku cikiih. Lain jalma andar-andar.
Lali rabi, tégang pati. Poho ka pamajikan jeung téga kana nyawa pikeun ngabélaan nagara jeung bangsa.
Langsung saur bahé carék. Nyarita anu teu merenah matak nyentug kana haté batur.
Leleyep asu. Acan saré pisan.
Lembur singkur, mandala singgah. Tempat nu nyumput sarta jauh ti jalan gedé.
Léngkah kapiceun. Nyaba aya nu dimaksud, tapi teu hasil.
Lésang kuras. Teu bisa nyésakeun rejeki teundeuneun.
Létah leuwih seukeut manan pedang. Raheut haté ku omongan karasana leuwih peurih tibatan raheut biasa.
Leumpang nurutkeun indung suku. Teu puguh nu dijugjug.
Leumpang sakaparan-paran. Teu puguh nu dijugjug.
Leumpeuh yuni. Babari kapangaruhan, teu kuat nahan gogoda.
Leungit tanpa lebih, ilang tanpa karana. Leungit teu puguh, euweuh urutna jeung teu puguh sababna.
Leutik burih. Leutik haté, borangan.
Leutik ringkang gedé bugang. Sipat jalma, upama maot loba uruseunana, sumawonna mun nepi ka ajal di panyabaan.
Leutik-leutik galatik. Jelema leutik tapi wanian.
Liang cocopét. Tempat hara-haraeun.
Lieuk euweuh ragap taya. Malarat, taya kaboga.
Lindeuk japati. Siga lindeuk tapi linghas; bisa méré budi manis, tapi teu beunang dipaké kaheureuyan.
Lindeuk piteuk. Siga lindeuk tapi linghas, bisa méré budi manis tapi teu beunang dipaké kaheureuyan.
Loba catur tanpa bukur. Loba jangji taya nu ngabukti.
Loba jaksa. Loba teuing nu méré timbangan atawa naséhat.
Lolondokan. Bisa nyaluyukeun diri jeung kaayaan lingkungan.
Luhur pangokopan (pamakanan). Gumedé.
Malikkeun pangali. Neruskeun carita nu katunda.
Manan léwéh mending waléh. Tinimbang matak susah sorangan mending nyarita satarabasna.
Manasina sambel jahé, top-top téwéwét. Moal ujug-ujug karasa gunana atawa kaala hasilna, kudu sabar.
Mandi oray. Mandi sakadar lantis awak ku cai, teu disabun, teu ngaruru.
Mani hayang utah iga. Ngarasa kacida sebelna.
Maot ulah manggih tungtung, paéh ulah manggih béja. Sing bener waktu keur hirup, supaya ulah diomongkeun upama geus maot.
Mata dijual ka peda. Malaweung nepi ka teu awas ka nu disanghareupan.
Mata duiteun. Piduit pisan.
Matak andel-andeleun. Matak ngurangan kapercayaan nepi ka handeueul nu nitah.
Matak ibur salelembur, matak éar sajajagat. Matak geunjleung, jadi carita di mana-mana.
Matak muringkak bulu punduk. Asa carengkat bulu punduk lantaran sieun ku nu lain-lain keur nyorangan, atawa matak kukurayeun, lantaran pohara kejemna.
Matak pabalik létah. Diomongkeun ka budak nu paméréna dipénta deui.
Matak pajauh huma. Matak hésé silih anjangan atawa matak teu silih pikanyaah.
Matak tibalik aseupan. Matak teu nyangu.
Maung ompong, bedil kosong, karéta kosong. Jalma nu boga komara mah sanajan geus teu nyekel kakawasaan ogé teu weléh dipikasérab.
Maung sarungkun. Baraya, lain nu lian, tapi dina bendéngna alah batan nu lian.
Melengkung umbul-umbulna, ngerab-ngerab bandérana. Iring-iringan, atawa kaayaan di tempat pésta.
Meubeut meulit. Mamawa ka nu lian nepi ka balukarna goréng.
Meunang kopi pait. Dicarékan ku dunungan.
Meungpeun carang. Api-api teu katénjo atawa teu nyaho.
Milih-milih rabi, mindah-mindah rasa. Ganti pamajikan sugan leuwih ngarepok.
Misah badan misah nyawa. Teu sarua boh lahir boh batin.
Miyuni hayam kabiri. Leutik burih, euweuh kawani.
Miyuni hui kamayung. Teu payaan, katoél saeutik ngambek.
Miyuni hurang, tai ka hulu-hulu. Kacida bodona.
Moal ceurik ménta eusi. Sanajan mawa wadah gedé lain hayang dibéré loba.
Moal ditarajéan. Teu sieun, wani.
Moal jauh laukna. Moal hésé piuntungeunana.
Moal mundur satunjang béas. Teu sieun saeutik-eutik acan, moal mundur sanajan saléngkah.
Moal néangan jurig teu kadeuleu. Moal nyangka ka saha-saha deui nu boga dosana, lantaran si Anu geus katotol teu jujur.
Moal nyapék mun teu ngoprék. Saréatna moal barangdahar mun teu ihtiar.
Mobok manggih gorowong. Kabeneran manggih jalan keur ngalaksanakeun karepna.
Mulangkeun panyiraman. Aya kahayang anu anéh atawa istiméwa cara nu keur nyiram, tanda geus deukeut kana ajal.
Murah sandang murah pangan. Teu kurang ku pakéeun jeung dahareun, sarta kabeuli ku nu leutik.
Muriang teu kawayaan. Asa muriang lantaran kaédanan, jsb.
Nagabuntut bangkong. Teu bisa méré katerangan nu écés pisan, atawa teu sanggup nganggeuskeun pagawéan.
Naheun bubu pahareup-hareup. Pahutang-hutang nepi ka pada kagok nagih (pihutangna).
Najan dibawa ka liang cocopét, moal burung nuturkeun. Dibawa ka mana-mana ogé daék (awéwé ku salaki).
Nanggung bugang. Ditinggalkeun maot ku lanceuk jeung ku adi.
Nénéh bonténg. Ngogo ka budak, tapi ari ambek gampang neunggeul.
Nepi ka nyanghulu ngalér. Nepi ka maot.
Nepi ka pakotrék iteuk. Nepi ka pada kolot pisan, nu laki-rabi ti ngongora.
Nepung-nepung bangkelung. Ngaraketkeun babarayaan ku jalan bébésanan.
Nété akar ngeumbing jangkar. Sésélékét, nyorang jalan rumpil.
Nété porot ngeumbing lésot. Sagala usaha gagal.
Ngabéjaan bulu tuur. Ngabéjaan nu geus nyaho.
Ngabuntut bangkong. Teu bisa nuluykeun méré katerangan.
Ngaburuy. Nyaneut teu make lalawuhna.
Ngacak ngebur. Kokomoan, mangpang-meungpeung.
Ngadagoan kuda tandukan. Ngadagoan perkara nu moal atawa mustahil bisa kajadian.
Ngadaun ngora. Némbongkeun deui kamajuan, sanggeus ngalaman mundur.
Ngadaweung ngabangkong areuy. Ngadaweung bari kawas nu jarauh panineungan.
Ngadeupaan lincar. Karalang-kuriling deukeut imah nu keur hajat atawa kariaan ngarah diondang.
Ngadu angklung. Papaduan, paréa-réa omong nu taya gunana.
Ngahuntu kala. Paselang nu luhur jeung nu handap dina jajaran.
Ngahurun balung ku tulang. Nangkeup tuur nandakeun keur bingung.
Ngajerit maratan langit, ngocéak maratan méga. Ngajerit tarik pisan.
Ngalamot curuk. Teu beubeunangan, teu hasil.
Ngaléob peujit. Nginum cipanas méméh barangdahar.
Ngalétak ciduh. Ngabatalkeun omongan nu geus dilisankeun.
Ngaleut ngeungkeuy ngabandaleut, ngembat-ngembat nyatang pinang. Ngaleut panjang pisan.
Ngalintuhan maung kuru. Néangan pibahayaeun.
Ngandung haté. Ngunek-ngunek, boga haté goréng, hayang males kanyeri.
Nganjuk kudu naur, ngahutang kudu mayar. Sabalikna tina hutang-hatong.
Nganjuk teu naur, ngahutang teu mayar. Ngajeblug.
Ngarah sahuap-sakopeun. Usaha leuleutikan, néangan rejeki saharitaeun.
Ngarawu ku siku. Hayang loba panghasilan ku rupa-rupa usaha nu tungtungna teu kaurus.
Ngareuntaskeun dungus. Kalaksanakeun ngawin kabogoh ti keur ngora dina umur pakokolot.
Ngembang awi. Ngeumbreuk, teu laku dagangan (tina eumbreuk).
Ngembang bako. Bosongot (tina bosongot)
Ngembang bolang. Ancal-ancalan kénéh, tacan ceuyah, bubuahan (tina ancal).
Ngembang boléd. Tétéla (tina téla).
Ngembang cau. Jantungeun (tina jantung)
Ngembang céngék. Méncéngés, nenggang ti nu séjén, nu geulis (tina péncéngés)
Ngembang génjér. Gélényé (tina gélényé).
Ngembang jaat. Jalingeur (tina jalingeur).
Ngembang jambé. Kumayangyang (tina mayang).
Ngembang jambu. Lumenyap (tina lenyap).
Ngembang jéngkol. Mérékényényén (tina mérékényényén)
Ngembang kadu. Olohok atawa molohok (tina bolohok).
Ngembang kaso. Ciriwis, cilimit (tina curiwis).
Ngembang laja. Jamotrot (tina jamotrot)
Ngembang lopang. Nyacas (tina cacas).
Ngembang paré. Baringsang (tina ringsang).
Ngembang salak. Ngagojod, ngedeng bari disimbut (tina gojod).
Ngembang tiwu. Ngabadaus (tina badaus).
Ngembang waluh. Aléwoh (tina aléwoh).
Ngembat-ngembat nyatang pinang. Kacida panjangna, iring-iringan, aleutan.
Ngéplék jawér ngandar jangjang. Borangan, euweuh kawani.
Ngepung méja. Dariuk sakurilingeun méja, rék dahar.
Ngeunah angeun, ngeunah angen. Hirup cukup dahar paké sarta runtut-raut jeung pamajikan.
Ngeunah éon teu ngeunah éhé. Teu adil, lantaran nu sapihak licik atawa pinter kodék.
Ngeunah nyandang, ngeunah nyanding. Hirup senang lantaran cukup paké jeung boga pamajikan nu satia.
Ngijing sila béngkok sembah. Teu satia ka dunungan.
Nginjeum sirit ka nu kawin. Nginjeum barang anu keur dipaké ku nu bogana.
Ngodok liang buntu. Geus hésé capé, ari pék téh teu hasil sabab aya nu ngahalangan.
Ngomong sabedug sakali. Arang ngomong, carang takol.
Ngorbankeun jiwa jeung raga. Ngorbankeun sagala rupa nu dipibanda, sanajan nepi ka nyawa pisan.
Ngukur ka kujur, nimbang ka awak. Mikiran sarupa perkara, saluyu henteuna jeung diri sorangan.
Ngulit bawang. Ipis, henteu terus kana haté.
Ngusap birit bari indit. Ninggalkeun pasamoan atawa panganjangan tanpa pamit heula.
Nista, maja, utama. Sakali kurang percaya, dua kali meujeuhna, tilu kali utama, dina urusan kahadéan; mun dina kagoréngan: sakali hampuraeun, dua kali keun baé heulaanan, tilu kali lain antepeun, perlu diwarah.
Nu borok dirorojok, nu titeuleum disimbeuhan. Nu keur susah dipupuas.
Nu burung diangklungan, nu édan dikendangan. Nanggap carita gedebul rahul atawa nu ngécap kawas nu heueuh, malah dihaja sina leuwih ngabuih.
Nuju hurup ninggang wirahma. Paséh tur ngeunah laguna (nu ngaji).
Numbuk di sué. Ninggang keur apes.
Nungtut bari ngeusi. Usaha ngulik élmu atawa ngumpulkeun rejeki seutik-saeutik nepi ka aya buktina.
Nurub cupu. Ninggang pasanganana, nu kasép jeung nu geulis (pangantén).
Nya ngagogog nya mantog. Nitah digawé ka batur bari prak ku sorangan atawa indit sorangan pikeun neruskeun hiji perkara lantaran teu bérés.
Nya picung nya hulu maung. Haré-haré, batur ngalér ieu ngidul jawabanana.
Nyaah dulang. Nyaahna ka anak ngan ngurus dahar pakéna, henteu nguruskeun atikanana.
Nyeri beuheung sosonggéteun. Geus lila ngadagoan nu kuduna geus datang.
Nyeri peurih geus kapanggih, lara wirang geus kasorang. Sagala rupa dodoja hirup geus kaalaman.
Nyieun catur taya dapur. Ngarang carita teu puguh galurna.
Nyieun piandel. Nyieun piheueuh, ngatur carita bohong ngarah dipercaya.
Nyiruan teu resepeun nyeuseup nu pait-pait. Umumna jalma teu resepeun sosobatan jeung nu miskin.
Nyium bari ngégél. Muji tapi tuluyna aya pangarahan.
Nyolok mata buncelik. Nyarita, ngalakukeun hal anu matak teu ngeunah ka salah saurang atawa golongan nu aya di dinya.
Nyoo gado. Ngaheureuyan jalma nu pantes dihormat.
Nyuhunkeun bobot pangayon timbang taraju. Nyuhunkeun pertimbangan nu adil.
Nyukcruk leuwi malar cai, nyiar seuneu kundang damar. Nyusul-nyusul pituduh batur nu jauh, gara-gara teu waspada ka nu nyampak di pribadina.
Padu teu atawa moal buruk digantung. Perkara moal robah atawa bolay ku ditunda-tunda.
Pageuh kancing loba anjing. Taki-taki mageuhan tulak, bisi aya bancang pakéwuh.
Pait daging pahang tulang. Mulus awak langka katerap kasakit.
Pait paria. Pait ngeunah.
Pangeprak reumis. Purah diutah-étah, ngajalankeun pagawéan nu lumayan.
Panjang léngkah. Jauh panyabaan, henteu kagok indit-inditan.
Panjang leungeun. Ceceremed, sok pulang-paling.
Panonna kandar ka sisi. Resep ngarérétan nu kasép.
Papais-pais paray. Patéép kawas paray nu dipais, bari ngahuntu kala.
Pareumeun obor. Teu nyaho di baraya, lantaran euweuh nu ngabéjaan.
Pariuk manggih kekeb. Nyetél, nu goréng patut meunangkeun nu goréng sopak.
Pasini jangji pasang subaya. Nyieun perjanjian.
Pasrah arit. Pasrah teu terus jeung haté.
Perlu kasambut, sunat kalampahkeun. Ngalaksanakeun nu wajib bari sakalian jeung nu henteu pati perlu.
Peujit koréseun. Babari lapar deui, teu bisa kosong beuteung.
Peunggas rancatan. Béak modal (nu dagang) atawa ditinggalkeun (maot) ku nu dipaké andelan.
Pindah cai dibawa tampianana. Aya di pangumbaraan, mageuhan adat kabiasaan sorangan.
Piruruhan dikatengahimahkeun. Anu dusun dipilukeun kana riungan atawa gempungan nu loba kanyahona.
Poék mongkléng buta rajin. Poék pisan, teu katénjo naon-naon.
Poho ka purwa daksina. Pindah pileumpangan, robah adat jadi gedé hulu.
Pondok jodo panjang baraya. Sanajan pondok jodo, sing nuluy jadi baraya.
Pondok nyogok panjang nyugak. Matak nyentug kana haté (omongan), garihal teu matak resep ngadéngékeunana.
Pucuk awian. Ula-ilu, teu boga tangtungan sorangan.
Punduk moal ngaluhuran hulu. Sakumaha pinterna murid (waktu harita), moal leuwih pinter ti guruna.
Puraga tamba kadengda. Digawé asal jadi, tamba henteu.
Raga papisah jeung nyawa. Maot.
Rambay alaeun, raweuy beuweungeun. Subur ma’mur, loba dahareun hasil tani.
Ranggaék méméh tandukan. Loba kahayang nu teu saimbang jeung kaayaan dirina.
Réa jangjang karawatna. Loba patula-patalina jeung perkara séjén.
Réa ketan réa keton. Loba paré atawa dahareun jeung loba duit, taya kakurang.
Réa rambat kamaléna. Réa patula-patalina jeung perkara séjén.
Rejeki kasésér ku hakan. Rejeki béak ku dipaké barangdahar.
Rék dibeureum rék dihideung gé pasrah. Rék dikumaha-kumaha ogé pasrah.
Rék dijieun jimat paripih. Rék didama-dama, awéwé ku salakina nu kacida bogoheunana.
Rokrok pondokeun. Babari ambek.
Rubuh-rubuh gedang. Barudak nu dialajar salat berjamaah, kakara nurutan ruku-sujud wungkul, atawa migawé sarupaning perkara teu karana nyaho kana maksudna, sakadar nurutan batur.
Saampar samak. Sageblég jeung kaayaanana méh sarua.
Sabata sarimbagan. Layeut, sauyunan.
Sabuni-buni nu ngising. Sanajan dibuni-buni atawa dirasiahkeun pagawéan sérong mah awal-ahir sok kanyahoan.
Sabuni-bunina tarasi. Sanajan dibuni-buni atawa dirasiahkeun pagawéan sérong mah awal-ahir sok kanyahoan.
Sacangreud pageuh, sagolék pangkék. Sagala omonganana ditedunan, tara jalir jangji.
Saciduh metu saucap nyata. Sakti mandraguna, bisa ngabuktikeun sagala rupa omonganana
Sagolék pangkék, sacangreud pageuh. Pageuh nyekel jangji, tara sulaya tina omonganana.
Sahérang-hérangna cibéas. Jalma nu geus meunang kanyeri, haténa moal beresih pisan, sanajan di luarna hadé.
Sakecap kadua gobang. Babari ambek jeung ngadék.
Sakésér daun. Babari lapar deui.
Salieuk béh. Sagala nyampak, taya kakurang.
Sanajan nepi ka bisa ngukir langit. Sanajan sakumaha pinterna.
Sareudeuk saigel, saketék sapihanéan, sabata sarimbagan. Rempug sauyunan, sabagja sacilaka.
Satalén tilu baru. Sarua, kitu-kitu kénéh.
Satali tiga uang. Sarua, taya bédana pisan.
Satengah buah leunca. Rada gélo.
Satuduh metu, saucap nyata. Sipat nu luhung élmuna, sagala rupa kasauranana aya buktina.
Selenting bawaning angin, kolépat bawaning kilat. Nurutkeun kabar angin.
Sepi paling towong rampog. Aman kerta raharja.
Seuseut batan neureuy keueus. Kacida héséna.
Si Cépot jadi raja. Jelema euweuh kabisa jadi pamingpin.
Sibanyo laleur. Ledis, teu nyésa saeutik-eutik acan.
Sieun nyakclak jadi bahé. Sieun rugi saeutik tapi tungtungna jadi lapur.
Siga béntang kabeurangan. Geulis pisan.
Siga bungaok. Goréng patut pisan.
Siga Si Cépot. Goréng patut.
Silih jenggut jeung nu gundul. Pakumaha-kumaha jeung batur nu pada teu boga nanaon.
Sireum ateulan. Teu sarua gedéna (tulisan atawa jijieunan saperti kuéh jsb.)
Suku sambung leumpang, biwir sambung lémék. Darma mangnepikeun maksud batur, lain niat sorangan.
Sumput salindung. Boga kalakuan nu ulah kanyahoan ku batur.
Sundul ka langit. Kacida luhurna nepi kawas nu adek ka langit.
Taarna téja mentrangan. Tarang nu alus, kawas nu cahayaan.
Taktak korangeun. Taktak leway kawas kempis.
Tamplok batokeun. Béréhan, balabah teuing nepi ka teu ngingetkeun kana kaperluan sorangan.
Tapel adam. Tempat dilahirkeun atawa tempat pinanggih jeung ajal.
Tarajé nanggeuh dulang tinandé. Sadia ngajalankeun paréntah.
Tarik alah batan mimis. Tarik pisan.
Taya dunya kinasihan. Euweuh barang nu dikorétkeun pikeun kabagjaan jalma nu dipikanyaah.
Taya genah panasaran. Geus ngarasa sugema, teu ngandung haté.
Taya halodo panyadapan. Taya eureunna paséa.
Taya kabau. Sagala daék, sagala beuki.
Teguh pancuh. Pageuh pamadegan.
Tembong tambagana. Kanyahoan bakat aslina atawa kagoréngan haténa.
Teu asup kolem. Teu asup bilangan, teu kaaku kana golongan éta.
Teu basa teu carita. Teu aya béja pisan.
Teu basa-basa acan. Teu ngedalkeun rasa bungah, sono atawa tumarima.
Teu béja teu carita. Teu méré beja-béja acan.
Teu boga cedo. Teu boga wiwaha, belegug.
Teu boga pikir rangkepan. Bolostrong, teu boga curiga, teu boga rasa timburu.
Teu boga tulang tonggong. Teu boga tatalang raga.
Teu burik-burik acan. Salamet teu kabeunangan ku musuh.
Teu busik bulu salambar. Salamet henteu kabeunangan ku musuh.
Teu cai hérang-hérang acan. Teu disuguhan naon-naon.
Teu di hurang, teu di keuyeup. Parasaan mah teu di cacah teu di ménak, sarua baé.
Teu dibéré cai atah. Teu diogo, dicarékan.
Teu didéngé ku tai ceuli. Teu diperhatikeun pisan.
Teu didingding kelir. Diceplakkeun satarabasna taya nu dipinding-pinding.
Teu ditarik teu ditakon. Diantep, teu ditanya-tanya acan.
Teu elok teu embol. Teu témbong-témbong, teu katénjo datang atawa balik.
Teu embut teu ciak. Teu méré béja saeutik-eutik acan.
Teu gedag bulu salambar. Teu sieun saeutik-eutik acan ku ancaman nu jadi lawan.
Teu gugur teu angin. Teu aya lantaranana.
Teu inget sacongo buuk. Poho sama sakali.
Teu kakurung ku entik. Teu kaasup bilangan jelema anu kudu disuguhan dahar.
Teu kaleungitan peuting. Tacan kajadian salaki sapeuting jeput euweuh di imah, ciri teu mangduakeun.
Teu kaur buluan. Teu kaur aya kaboga, béak deui.
Teu mais teu meuleum. Teu pipilueun, teu nyaho-nyaho.
Teu meunang cai atah. Teu dipangmeunangkeun.
Teu ngalarung nu burung, teu nyésakeun nu édan. Ngalajur napsu sahwat satakerna geus teu pipilih deui.
Teu nginjeum ceuli, teu nginjeum mata. Nyaksian sorangan, lain béja.
Teu nyaho di alip bingkeng. Buta hurup.
Teu nyaho di hitut bau. Teu loba pangalaman, dusun.
Teu nyaho di kalér-kidul. Linglung, kapaider.
Teu nyaho di lauk. Teu nyaho naon nu bakal matak untung.
Teu pindo damel. Teu ngabohong.
Teu pindo gawé. Teu ngabohong.
Teu sanak teu kadang. Teu boga baraya pisan.
Teu tuah teu dosa. Teu boga kasalahan naon-naon.
Ti kikirik nepi ka jadi anjing. Ti bubudak nepi ka sawawa.
Ti ngongkoak nepi ka ngungkueuk. Ti bubudak nepi ka bongkok ku kakolotan.
Tibalik pasangan. Lain kitu kuduna, tojaiah jeung nu bener.
Tibatan kapok anggur gawok. Henteu kapok malah ngahanakeun.
Tiis ceuli hérang mata. Ngarasa sugema, taya kahariwang.
Tiis dingin paripurna. Sampurnaning tiis pikir, tibra saré, kacida sugemana, taya kahariwang.
Tiis leungeun. Jadian pepelakan.
Tikoro kotokeun, caréham hayameun. Isuk-suk kénéh geus kudu barangdahar.
Tinggal tulang jeung kulit. Kacida begangna, nu gering ripuh.
Tisusut tidungdung. Digawé ti isuk nepi ka peuting teu eureun-eureun.
Titirah ngadon kanceuh. Hayang cageur atawa senang, tapi kalah ka beuki ripuh atawa susah.
Trong kohkol morongkol, dur bedug murungkut. Jelema nu kedul hudang subuh.
Tumenggung sundung patih arit. Lain turunan ménak, sanajan jeneng.
Tunggul dirarud, catang dirumpak. Taya nu dihiding, euweuh kasieun, sagala dirémpak.
Tungkul ka jukut, tanggah ka sadapan. Junun digawé, henteu kabéngbat ku pagawéan séjén.
Tutus langkung képang halang. Omongan kurang keuna pokpokanana.
Ukur pulang modal. Teu untung, teu rugi.
Ulah incah balilahan. Ulah pindah pamatuhan.
Ulah tiis-tiis jahé. Ulah cicing-cicing baé, saméméh sasadiaan pikeun ngalaksanakeun perkara nu disanghareupan.
Undur kadeuleu punduk, datang kadeuleu tarang. Henteu ngaléos kitu baé, bébéja heula, basa rék indit saperti basa datang.
Unggah balé watangan. Katarik perkara, kudu ngadep ka pangadilan.
Urang curug ngebul. Jalma dusun ti nu jauh pisan ti kota.
Urang kampung bau lisung, cacah rucah atah warah. Jelema dusun.
Wiwirang di kolong catang, nya gedé nya panjang. Nyorang wiwirang gedé.
Yuni kembang. Rupa jeung tingkah lakuna pikaresepeun.
Yuni tai. Matak cua.

Paribasa

Adam lali tapel. Poho ka baraya.
Adat ka kurung ku iga. Tabéat mah hésé dipiceunna (dirobahna).
Adéan ku kuda beureum. Ginding ku barang meunang nginjeum.
Adu telu ampar tiga. Diriungkeun, nu perkara atawa nu jual beuli.
Alak-alak cumampaka. Niru-niru (mapadani) saluhureun.
Allah tara nanggeuy di bongkokna. Allah moal mihak ka jalma nu boga dosa.
Ambek sadu santa budi. Saléh haté, lemes budi, sabar darana.
Anjing ngagogogan kalong. Mikahayang anu moal laksana.
Anjing nyampeurkeun paneunggeul. Nyampeurkeun nu rék mahala.
Anu burung diangklungan, anu gélo didogdogan, anu édan dikendangan. Anu gedebul dihaminan supaya tambah maceuh.
Ari diarah supana, kudu dijaga catangna. Ari aya barang nu diala hasilna, kudu daék ngurusna.
Ari umur tunggang gunung, angen-angen pecat sawed. Ari umur geus kolot, kahayang cara nu ngora.
Asa aing uyah kidul. Asa jadi pangpunjulna.
Asa kabur pangacian. Kacida reuwasna, nepi ka teu puguh cabak.
Aub payung sabet sapon saba-soba. Nuduhkeun wawatesan pakuwon.
Aya jalan komo meuntas. Kabeneran aya lantaran pikeun gancang-gancang ngalaksanakeun pamaksudan.
Ayakan mah tara meunang kancra. Usaha ku modal leutik hasilna ogé moal gedé.
Ayeuh ngora. Tumerap kana turunan nu maraot ngora-ngora.
Babon kapurba ku jago. Awéwé kudu nurut ka salaki.
Balung kulit kotok meuting. Henteu bersih pisan haténa, masih ngunek-ngunek.
Banda sasampiran, nyawa gagaduhan. Ulah boga angkeuhan nyawa jeung banda bisa diatur ku urang.
Banda tatalang raga. Leuwih hadé ngorbankeun banda, batan cilaka awak.
Batok bulu eusi madu. Goréng rupa tapi pinter jeung bageur.
Bébék ngoyor di sagara, rék nginum néangan cai. Lubak-libuk teu bisa maké lantaran lain hakna.
Bengkung ngariung bongkok ngaronyok. Kajeun ripuh asal ngariung jeung anak incu.
Bentik curuk balas nunjuk, capétang balas miwarang. Kabisa ngan maréntah tara prak digawé sorangan.
Beungeut nyanghareup ati mungkir. Henteu terus jeung haté.
Bilatung ninggang dagé. Jalma teu jujur meunang kadudukan nu nguntungkeun keur dirina.
Biwir nyiru rombéngeun. Resep nyaritakeun cékcék-bocék jeung nu saenyana kudu dirasiahkeun.
Bobot pangayon, timbang taraju. Timbangan, kaadilan.
Bubu ngawaregan cocok. Méré naséhat atawa nyieun aturan anu balukarna nguntungkeun sorangan.
Buburuh nyatu diupah béas. Diajar bari jeung meunang tunjangan, meunang dua rupa kauntungan.
Buruk-buruk papan jati. Sanajan ngéwa atawa ambek ka dulur atawa baraya nu landes, ari manéhna meunang karerepet mah teu weléh hayang nulungan, jeung ngahampura kasalahanana, henteu téga ngantep.
Caang bulan dadamaran. Migawé hal nu teu perlu deui.
Cadu mungkuk, haram dempak. Sumpah, yén bener-bener embung, atawa moal ngalampahkeun salah sahiji perkara.
Cai asa tuak bari kéjo asa catang bobo. Sagala teu ngeunah, lantaran keur susah atawa keur gering.
Cai di hilir mah kumaha ti girangna. Rayat leutik sok nyonto nu ngaheuyeukna.
Cécéndét mandé kiara, cileuncang mandé sagara. Nu miskin atawa jalma leutik hayang nyaruaan nu beunghar atawa mapadani jalma gedé.
Cicing dina sihung maung. Kumawula ka nu pikasérabeun milu diajénan ku nu séjén.
Cikaracak ninggang batu, laun-laun jadi legok. Upama dileukeunan bari junun, sagala rupa anu hésé ogé bakal bisa.
Congo-congo ku amis, mun rék amis ogé puhuna. Anak-anakna teu bageur, da kolotna ogé henteu.
Cukup belengur atawa cukup belengur baraganaya. Resep méré ka batur, bari teu ngingetkeun kaperluan sorangan.
Cul dogdog tinggal igel. Ninggalkeun gawé baku, ngalampahkeun pagawéan nu teu aya hasilna.
Dagang oncom rancatan emas. Modal gedé, ari nu dijual jeung diarah batina teu sabaraha.
Datang katénjo tarang, undur katénjo punduk. Tatakrama nu amit-amitan, némbongkeun yén taya geuneuk maleukmeuk atawa teu sérong salingkuh.
Dianaktérékeun. Disapirakeun.
Diangeuncareuhkeun. Diantep teu didahar atawa teu dipiroséa.
Dibéré sabuku ménta sajeungkal, dibéré sajeungkal ménta sadeupa. Lantaran dibéré wani saeutik, jadi beuki loba paméntana sarta nyalutak.
Dijieun hulu teu nyanggut, dijieun buntut teu ngépot. Teu beunang dijeujeuhkeun, tara eucreug baé.
Dikungkung teu diawur, dicangcang teu diparaban. Ditambang; ditalak henteu, dinapakahan ogé henteu.
Dipiamis buah gintung. Disangka hadé haté atawa bageur ari hég sabalikna.
Ditiung geus hujan. Kakara iatna sanggeus karuhan cilaka.
Dogong-dogong tulak cau, geus gedé dituar batur. Ngalindeukan lanjang pipamajikaneun, ari geus meujeuhna dikawin, kop ku batur.
Élmu ajug. Jalma nu bisa mapatahan kahadéan ka batur, tapi manéhna sorangan teu ngajalankeun papatahna.
Élmu angklung. Jolédar ka kolot.
Endog sapatarangan tara megar kabéh. Diantara dulur-dulur saindung-sabapa sok aya baé nu teu pati alus milikna.
Endog sasayang peupeus hiji peupeus kabéh. Mun diantara dulur-dulur aya saurang nu nyieun codéka, sok mamawa ka saréréa.
Galagah kacaahan. Ngalajur napsu kabawa ku batur.
Gedé cahak, manan cohok. Leuwih loba ngaluarkeun duit batan panghasilan.
Gindi pikir belang bayah. Goréng haté, resep nyilakakeun batur.
Giri lungsi tanpahingan. Jalma anu siga bodo atawa lemah ulah waka dicacampah, sabab bisa jadi nyolong badé.
Goong nabeuh manéh. Muji atawa ngagulkeun sorangan.
Goong saba karia. Datang sorangan ka nu kariaan malar dititah, ngarah milu seubeuh barangdahar.
Gunung luhur beunang diukur, laut jero beunang dijugjugan, tapi haté jelema najan déét moal kakobét. Nganyahokeun kahayang atawa eusi haté jelema nu dirasiahkeun kacida héséna.
Halodo sataun, lantis ku hujan sakali. Kahadéan nu geus aya jamanna, bisa leungit ku kagoréngan sakali.
Hambur bacot, murah congcot. Mindeng nyarékan tapi béréhan.
Hantang-hantung hatigong, hantriweli. Kalah ka hadé rupa hadé tagog, tapi taya araheunana.
Hapa-hapa ogé ranggeuyan. Miskin-miskin ogé boga salaki.
Hérang-hérang kari mata, gulak-giluk kari tuur, teuas-teuas kari bincurang. Asal beunghar jadi miskin, bandana teu ngari saeutik-eutik acan.
Hunyur mapandé gunung. Nyéta-nyéta nyaruaan jalma nu leuwih ti manéhna.
Hurung nangtung siang leumpang. Hirup méwah, némbongkeun kabeungharan dina tingkah laku sapopoé.
Ilang-along margahina, katinggang pangpung dilebok maung, buukna salambar getihna satétés, ambekanana sadami, agamana darigamana, nyérénkeun. Masrahkeun sagala-galana (dina nyerahkeun).
Indung lembu bapa banténg. Turunan gagah, beunghar, ménak ti indung ti bapa.
Janget kinatelon. Turunan hadé ti indung ti bapa.
Jati kasilih ki junti. Ménak ka éléhkeun ku somah atawa pribumi kaéléhkeun kahirupanana ku sémah.
Jauh ka bedug, anggang ka dulag. Dusun, teu loba kanyaho.
Jogjog neureuy buah loa. Mikahayang perkara nu teu layak.
Jojodog unggah ka salu. Urut badéga jadi patih goah.
Ka cai jadi saleuwi ka darat jadi salebak. Layeut, runtut raut, silih ayunkeun.
Ka handap ngala sajeujeuh, ka tukang ngala sajeungkal. Hirup ati-ati maké itungan.
Ka luhur sieun gugur, ka handap sieun cacing. Taya kawani.
Ka luhur teu sirungan, ka handap teu akaran. Taya kamajuan sarta taya kamarasan (jelema doraka).
Kabeureuyan mah tara ku tulang munding, tapi ku cucuk peda. Cilaka mah biasana tina mokahaan urusan leutik.
Kacang poho ka lanjaran. Poho ka asal wiwitan, pindah pileumpangan.
Kaciwit kulit kabawa daging. Kabawa goréng ku kalakuan baraya anu salah, atawa milu ngarasa teu ngeunah lantaran aya baraya dihina batur.
Kahieuman bangkong. Siga beunghar lantaran kapihapéan barang ku batur.
Kajeun kendor asal ngagémbol. Kajeun kendor asal salamet sarta hasilna nyugemakeun.
Kajeun pait heula amis tungtung, manan amis heula pait tungtung. Leuwih hadé dicaritakeun nu banggana heula, tibatan dibibitaan heula ku piuntungeunana, bisi ahirna kaduhung.
Kandel kulit beungeut. Teu boga kaéra.
Kawas anjing tutung buntut. Berebet ka ditu, berebet ka dieu lantaran samar polah.
Kawas awi sumaér di pasir. Luak-léok pikir, teu puguh tangtungan.
Kawas badak Cihéa. Jalma nu leumpangna noyod siga nu degig.
Kawas cai dina daun bolang. Naséhat atawa papatah, taya nyangsangna, taya nu nerap.
Kawas cai dina daun taleus. Naséhat atawa papatah, taya nyangsangna, taya nu nerap.
Kawas gula jeung peueut. Kacida dalitna, layeutna.
Kawas hayam keur endogan. Teu daék cicing lantaran haté kaweur, atawa geus teu sabar ngadagoan nu diarep-arep.
Kawas kuda leupas ti gedogan. Ngumbar kahayang lantaran geus euweuh nu ngahalang-halang.
Kawas nanggeuy endog beubeureumna. Kacida dadah-deudeuhna ka nu dipikanyaah bari inggis kumaonam.
Kawas pantun teu jeung kacapi. Bisa mapatahan wungkul, teu bari nyontoan.
Kawas ucing nyanding paisan. Piraku henteu kagoda.
Kebo mulih pakandangan. Balik ti pangumbaraan ka tempat asal dilahirkeun.
Keur meujeuhna héjo lémbok, rambay carita. Keur meujeuhna lubak-libuk taya kakurang.
Kotok bongkok kumorolong, kacingcalang kumarantang. Pipilueun nyarita (nu lain layakna).
Kudu ngukur ka kujur, nimbang ka awak. Sagala rupa tingkah laku kudu luyu jeung kaayaan diri sorangan, ulah sok nahap-nahapkeun manéh.
Kukuk sumpung dilawanan dada leway. Sarua goréngna; nu ngambek dilawan ngambek, nu burung dilawan gélo.
Kuméok méméh dipacok. Wegah méméh ngajalankeun pagawéan.
Landung kandungan, laér aisan. Gedé tinimbangan.
Lauk buruk milu mijah, piritan milu endogan. Pipilueun nyarita atawa ilubiung kana sarupaning urusan, padahal lain cahakna atawa ahlina.
Laut jero beunang dijugjugan, haté jalma najan déét moal kakobét. Kahayang atawa maksud jelema, nu dirasiahkeun hésé nganyahokeunana.
Légég lebé, budi santri, ari lampah euwah-euwah. Jalma jahat, bisa nipu ku tindak-tanduk anu sopan.
Legok tapak genténg kadék. Loba luang jeung pangalaman.
Leuleus jeujeur liat tali. Gedé tinimbangan, sabar darana, henteu getas harupateun.
Leuleus kéjo poéna. Mimitina bengis, beuki lila beuki bageur.
Leunggeuh cau beuleum. Méméh hiji pagawéan anggeus geus gap deui kana gawé séjén.
Leutik-leutik ngagalatik. Leutik waruga, tapi wanian atawa loba pangabisa.
Lieuk euweuh ragap taya. Teu boga naon-naon, malarat.
Lodong kosong ngelentrung. Pamoyok ka jalma nu taya kanyaho, tapi loba omong tanpa eusi.
Luhur kuta gedé dunya. Beunghar sarta gedé pangaruh.
Lungguh tutut bodo kéong, sawah sakotak kaider kabéh. Siga lungguh katénjona, padahal bangor.
Maléngpéng pakél ku munding. Ngalampahkan perkara nu moal pihasileun.
Malik ka temen. Asal banyol, tuluyna jadi enyaan.
Malik tali. Malik hukum.
Malik tambang. Malik hukum.
Malikkeun pangali. Nu disérénan pagawéan kawajibanana, kalah nempuhkeun ka anu nyérénkeunana.
Manan kapok kalah gawok. Manan ngeureunan kalakuan nu aya mamalana, anggur beuki jojoh (ngahanakeun).
Manuk hiber ku jangjangna, jalma hirup ku akalna. Unggal mahluk ku Allah geus dipaparin rupa-rupa parabot pikeun nyiar kahirupanana (rejekina).
Mapatahan naék ka monyét. Mapatahan ka nu leuwih pinter.
Mapatahan ngojay ka meri. Mapatahan ka jalma nu leuwih loba kanyahona jeung pangalamanana.
Mapay ka puhu leungeun. Kasalahan jelema sok mamawa goréng ka kolotna atawa ka saluhureunana.
Marebutkeun balung tanpa eusi. Marebutkeun perkara nu teu aya hartina.
Marebutkeun paisan kosong. Madukeun perkara nu teu aya hasilna.
Maung ompong bedil kosong. Sanajan geus dongkol, atawa pangsiun, ari urut gegedén mah sok aya kénéh baé komarana (pangaruhna).
Maut ka puhu. Mamawa ka kolot (paséa budak).
Maut nyéré ka congona. Hirup susah pakokolot, ngarandapan kurang rejeki sanggeus kolot..
Mébér-mébér totopong heureut. Ngajeujeuhkeun rejeki leutik supaya mahi.
Mending kendor ngagémbol, tinimbang gancang pincang. Ari digawé atawa nguruskeun perkara kudu tartib, ulah garudas-garidus, supaya hasilna nyugemakeun.
Méré langgir kalieun. Méré barang (duit) nu kudu diakalan heula ku nu dibéré, bari can tangtu hasilna.
Meunang luang tina burang. Meunang pangalaman pait lantaran cilaka heula.
Meungpeun carang ku ayakan. Api-api teu nyaho, ngantep jelema nu ngalampahkeun pagawéan nu dilarang.
Mihapé hayam ka heulang. Teu boga wiwaha, nitipkeun barang atawa harta banda ka nu geus katotol teu jujur.
Mindingan beungeut ku saweuy. Nyimbutan rasiah sorangan nu geus kanyahoan ku batur.
Moal aya haseup mun euweuh seuneu. Sagala rupa béja tangtu aya benerna, sanajan sok loba tambahna nu meunang ngaréka.
Mobok manggih gorowong. Kabeneran aya jalan pikeun ngahasilkeun usaha nu keur dipaju.
Monyét dibéré séngkéd. Dibéré kasempetan komo ngahanakeun (kana kalakuan goréng).
Monyét kapalingan jagong. Nu maling kapalingan, nu nipu katipu.
Monyét ngagugulung kalapa. Nyaho kana luarna wungkul, kana eusina mah teu taram-taram acan.
Mopo méméh nanggung. Wegah méméh pék ngalaksanakeun pagawéan.
Moro julang ngaleupaskeun peusing. Ngalésotkeun barang nu geus kapimilik, lantaran kabita ku nu leuwih gedé, padahal can tangtu hasil.
Mun kiruh di girang, komo ka hilirna. Lamun kasebut nu jadi pamingpin lampahna kurang hadé, komo nu dipingpinna.
Mun teu ngakal moal ngakeul, mun teu ngarah moal ngarih, mun teu ngoprék moal nyapék. Mun teu usaha atawa digawé moal boga dahareun.
Murag bulu bitis. Teu betah cicing di imah.
Nangkeup mawa eunyeuh. Mawa cilaka ka nu dipéntaan tulung.
Nénéh bonténg. Ngogo ka budak tapi ari ambek gampang neunggeul.
Nepak cai malar cérét. Api-api nyual, susuganan bisa nyaho tina jawaban nu ditanya.
Népakeun jurig pateuh. Mamawa susah ka batur atawa mindahkeun kasusah ka batur.
Nété porot, ngeumbing lésot. Sagala ihtiar teu hasil.
Nété semplék nincak semplak. Kitu salah, kieu salah; sagala rupa ihtiar teu hasil.
Nété tarajé nincak hambalan. Tartib, mapay ti pajabat nu handap nepi ka nu luhur.
Neukteuk curuk dina pingping. Nyilakakeun baraya atawa batur sagolongan.
Neukteuk mari anggeus. Mutuskeun hubungan.
Neukteuk méré anggeus. Mutuskeun hubungan.
Neundeun piheuleut, nunda picela. Nyieun kasalahan nu ngalantarankeun pacéngkadan atawa nu matak ngarenggangkeun silaturahmi.
Ngabéjaan bulu tuur. Ngabéjaan perkara nu geus teu anéh keur nu dibéjaan, da geus nyahoeun.
Ngaborétékeun liang tai di pasar. Nyaritakeun rasiah sorangan nu matak aéb.
Ngadagoan belut sisitan, oray jangjangan. Moal kaalaman, mustahil kajadian.
Ngadagoan oray jangjangan. Ngadagoan hal nu mustahil.
Ngadagoan uncal mapal. Ngadagoan rejeki bari teu ihtiar.
Ngadék sacékna, nilas saplasna. Satarabasna, teu diréka.
Ngadu angklung. Parebut omong hayang paunggul-unggul.
Ngadu-ngadu raja wisuna. Ngahudang amarah dua jalma sina bengkah.
Ngagedag bari mulungan. Ngajak nyarita ka batur supaya bijil rasiahna, atawa susuganan bisa nyaho sarupaning perkara tina jawaban nu dibawa ngomong.
Ngajual jarum ka tukang géndong. Niat nipu ka anu pinter.
Ngajul béntang ku asiwung. Hal anu pamohalan bisa kalaksanakeun.
Ngajul bulan ku asiwung. Hal anu pamohalan bisa kalaksanakeun.
Ngaliarkeun taleus ateul. Nyebarkeun kagoréngan batur.
Ngalungkeun kuya ka leuwi. Nempatkeun jelema (pagawé) di, atawa mindahkeun ka lemburna sorangan.
Ngawur kasintu, nyieuhkeun hayam. Béréhan ka deungeun-deungeun, ari ka baraya kakad-kékéd.
Ngawurkwun wijén kana keusik. Pagawéan mubadir, taya gunana.
Ngéplék jawér, ngandar jangjang, miyuni hayam kabiri. Éléhan, euweuh kawani.
Ngeunah angeun ngeunah angen. Pamajikan satia, ngeunah pasakanana, cukup dahareun tur taya kasusah.
Ngeundeuk-ngeundeuk geusan eunteup. Néangan akal pikeun nyilakakeun dunungan.
Ngeupeul ngahuapan manéh. Méré naséhat atawa nyieun aturan anu balukarna nguntungkeun sorangan.
Ngijing sila béngkok sembah. Teu satia ka dunungan.
Ngimpi gé diangir mandi. Baraid teuing, kacida teu panujuna.
Ngingu kuda kuru, ari geus lintuh nyépak. Miara atawa ngaméménan jalma walurat, ari geus senang cucungah.
Ngudag-ngudag kalangkang heulang. Ngaharep perkara nu samar bisa kalaksanakeun.
Ngukur baju sasereg awak. Hirup saeukeurna, dina papait dina mamanis teu daék pacorok jeung batur.
Ngusik-ngusik ula mandi. Ngagugat-gugat perkara nu geus kaliwat, sarta nu temahna matak nimbulkeun deui pacogrégan.
Nimu luang tina burang. Meunang pangalaman lantaran cilaka heula.
Nincak parahu dua. Migawé dua perkara anu upama teu bisa bener, gedé atawa aya bahlana; digawé ngarancabang biasana tara bener hiji-hiji acan.
Ninggalkeun hayam dudutaneun. Ninggalkeun pagawéan nu can anggeus pisan.
Nini-nini leungit sapeuting, tai maung huisan. Katindih ku kari-kari.
Nu asih dupulang sengit, nu haat dipulang moha. Nu nyieun kahadéan dibales ku kagoréngan.
Nu borok dororojok, nu titeuleum disimbeuhan. Nu keur susah dippupuas.
Nu geulis jadi werejit, nu lenjang jadi baruang. Nu geulis bisa jadi ngabahayakeun ka lalaki atawa salaki.
Nulungan anjing kadempét. Nulungan jelema nu taya panarimana.
Nyair hurang meunang kancra. Kabeneran meunang untung gadé ku usaha leuleutikan
Nyaliksik ka buuk leutik. Barang pénta atawa ngarah kauntungan ku rupa-rupa jalan ti rayat, dilakukeun ku pamingpin atawa kapala nu kadedemes.
Nyalindung ka gelung. Hirup ngandelkeun banda atawa pangala pamajikan.
Nyanggakeun beuheung teukteukeun, tikoro gorokeun, suku genténg belokeun. Masrahkeun manéh pikeun dihukum lantaran rumasa boga dosa.
Nyecepo ka nu rarémpo. Ngarendahkeun jalma teu boga.
Nyeungeut damar di suhunan. Némbongkeun kabeungharan, méré mawéh ka deungeun-deungeun ngarah pamuji.
Nyiar teri meunang japuh. Meunang untung leuwih gedé tibatan nu diharepkeun.
Nyiduh ka langit. Mapatahan ka saluhureun.
Nyieun pucuk ti girang. Nyieun jalan pipaséaeun.
Nyiuk cai ku ayakan. Migawé kalakuan nu moal aya hasilna.
Nyium bari ngégél. Muji bari ngarah paméré.
Omong harus batan goong. Béja gampang nerekabna jeung biasana sok pada ngaleuwihan tina buktina.
Oray nyampeurkeun paneunggeul. Nyampeurkeun atawa ngadeukeutan pibahlaeun atawa pibahayaeun.
Paanteur-anteur julang. Nu tas nganteurkeun dianteurkeun deui ku nu dianteur tadi.
Pacikrak ngalawan merak. Rayat leutik ngalawan ménak atawa nu keur kawasa, nu lemah ngalawan nu kuat.
Pagiri-giri calik, pagirang-girang tampian. Pada hayang leuwih ti babaturan dina jalan usaha, teu daék sapapait samamanis, teu daék silih tulungan.
Panday tara boga bedog. Nyindiran tukang nyieun sarupaning barang, nu teu bogaeun eta barang nu sok dijieunna.
Papadon los ka kolong. Nu jangji tara bukti.
Pasrah arit. Pasrah teu terus jeung haté.
Pelengkung bekas nyalahan. Mimitina alus tapi saterusna goréng.
Pétot béngo dulur sorangan. Sanajan ngéwa atawa ambek ka dulur atawa ka baraya landes, ari manéhna meunang karerepet mah teu weléh hayang nulungan, jeung ngahampura kasalahanana, henteu téga ngantep.
Piit ngeundeuk-ngeundeuk pasir. Mikahayang anu hanteu layak pikeun dirina.
Pindah cai pindah tampian. Ngaluyukeun diri kana adat jeung kabiasaan di tempat anyar.
Pipilih nyiar nu leuwih, kocéplak meunang nu pécak. Hayang nu leuwih alus, kalah ka meunang nu goréng.
Piruruhan dikatengahimahkeun. Anu dusun disina campur jeung nu geus loba kanyaho.
Pupulur méméh mantun. Ménta buruhan méméh prak digawé.
Pur kuntul kari tunggul, lar gagak kari tunggak. Dituding boga dosa lantaran aya di tempat kajadianana kajahatan.
Saaub payung, sacaang damar. Lahan atawa pakarangan nu heureut.
Sadom araning baraja, sakunang araning geni. Perkara anu bisa ngalantarankeun cilaka, sanajan teu pira, jadi ulah sok mokahaan.
Sagalak-galakna macan tara ngahakan anakna. Sakumaha bengisna indung-bapa moal téga ka anak.
Sahérang-hérangna cibéas. Saberesih-beresihna haté nu dinyenyeri, moal beresih pisan.
Saketék sapihanéan, sabata sarimbagan. Lulus runtut, sakasuka sakaduka.
Sakirincinging duit sakocopoking bogo. Rupa-rupa perkara nu boga daya tarik kana haté.
Sakuru-kuruna lembu, saregéng-regéngna banténg. Sakumaha teu bogana jalma nu asalna beunghar, moal miskin-miskin teuing.
Sapi anut ka banténg. Awéwé nuturkeun atawa ngawula salaki.
Sapu nyéré pegat simpay. Paturay; asal babarengan lila, tuluy papisah lantaran pidah tempat jsté.
Sato busana daging, jalma busana élmu. Jelema mah nu minangka jadi papakéan téh élmu, lain daging kawas sato.
Sereg di buana, logor di liang jarum. Teu bisa atawa teu wani campur jeung jalma nu balener lantaran jahat, biasana campurna ngan di kalangan nu jarahat deui bari susulumputan.
Sereg di panto, logor dina liang jarum. Teu bisa campur di kalangan jalma-jalma hadé lantaran loba dosa.
Seuneu hurung dipancaran. Jelema nu keur ambek ditambahan piambekeunana.
Seuneu hurung, cai caah, ulah disorang. Jalma anu keur napsu ulah diladénan, atawa diheureuyan.
Sieun képlok jadi tamplok. Sieun rugi saeutik, tapi tungtungna rugi gedé pisan.
Sirung ngaluhuran tunggul. Jalma nu darajatna atawa élmuna ngungkulan kolotna atawa guruna.
Suluh besem gé ari diasur-asur mah hurung. Jalma sabar ogé ari hantem diangsonan mah piraku cicing baé teu timbul napsuna.
Tacan aya nu nganjang ka pagéto. Can aya jalma nu nyaho naon saenyana nu bakal kajadian di ahir.
Tamiang meulit ka bitis. Malindes ka diri sorangan.
Tangkal kai teu kalis ku angin. Unggal jelema kudu baé nyorang kasusah.
Tapel Adam. Tempat dilahirkeun atawa tempat pinanggih jeung ajal.
Tebus purun paradah wani. Upama perlu daék nebus sarta wani katempuhan, wani tanggung jawab.
Téng manuk téng, anak merak kukuncungan. Anak biasana ngala ka bapa.
Teu gugur teu angin. Teu puguh alesanana.
Teu unggut kalinduan, teu gedag kaanginan. Ajeg tangtungan, pageuh cecekelan, teu keuna ku gogoda, teu kapangaruhan ku batur.
Tikoro andon péso. Nyampeurkeun nu rék nangkep atawa ngahukum.
Titip diri sangsang badan. Mihapékeun manéh, kumawula supaya aya nu méré dahar jeung paké.
Titirah ngadon kanceuh. Néangan kasenangan tapi kalah ka susah.
Totopong heureut dibébér-bébér kalah soék. Rejeki saeutik ari kaperluan loba, tungtungna timbul kasusah.
Tunggul dirarud catang dirumpak. Ngalajur napsu, taya nu dihiding, euweuh kasieun, sagala dirumpak.
Ulah nyeungseurikeun upih ragrag. Ulah ngageuhgeuykeun kolot nu ku urang sorangan bakal kaalaman.
Uncal tara ridueun ku tanduk. Élmu moal matak ridu.
Uteuk tongo dina tarang batur kanyahoan, gajah depa dina punduk teu karasa. Kagoréngan batur (sanajan saeutik) biasana kanyahoan, ari cacad awak sorangan (sanajan gedé ogé) tara karasa.
Uyah mah tara téés ka luhur. Sipat anak sok ngala ka indung-bapana.
Wong becik ketitik, wong ala ketara. Kagoréngan mah awal ahir ogé kabokér.